Syair Santri Salafi - Berhenti Ngaji Karna Ekonomi

Untuk Vidionya Silahkan Klik Tulisan ini
Syair Santri Salafi 
"Berhenti Ngaji Karna Ekonomi"

Kalawan nyebat jenengan
Gusti Allah maha rohman
Sim abdi ngadamel syiiran
Asli tina pangalaman

Teu hilap anu utami
Sholawat ka kangjeng Nabi
Pamilik cahya nu tinggi
Pamugi gusti ngadugi

Nalika di pasantrenan
Kaula meunang harepan
Mangle angan Jeung tujuan
Pikeun beukel ka hirupan

Ngansayang saribu sayang
Kur boga modal kahayang
Sabab loba anu kurang
Ngaji na teu bisa manjang

Caralak keclak ci soca
Tiap kula keur ngadu'a
Kusabab peurih karasa
Hirup miskin kana harta

Pan ari palebah ngaji
Kudu di songsong duniawi
Da kitab sinareng mangsi
Geus pasti kudu di beuli

Teu jarang lamun ngaronyok
Kaula osok di poyok
Pajah teh kos gaok
Kur bisa nyoro ngalebok

Ngajimah Alhamdulillah
Resep tur sinareng beutah
Bongan hate anu bingah
Ngumpul jeung ahli ibadah

Cuman abdi rada era
Ku santri anu balarea
Sabab mun aya acara
Abdi tara ikut serta

Pan unggal beres lebaran
Sok ngayakeun ziarahan
Baturmah kabeh miluan
Kuringmah eulok-eulokan

Lain kuring hente akur
Tara sarupa jeung batur
Ngan kuring sok loba mundur
Da hirup teu pati makmur

Oge isin ku pun guru
Nurut ti masihan elmu
Da kuring tara ngabantu
Paleubah urusan rebu

Tuluy aya pangharewos
Ceunah kuring teh bolonyos
Ngaos teu momodal artos
Jeung elmuna teu ngabuktos

Manawi geuning manawi
Pidu'a sinasreng janji
Abdi nu tholabul ilmi
Peugat sabab ekonomi

Ku pangalaman nu aya
Kuring ngahaturkeun du'a
Pamugi jeung ka harepna
Taya santri nu kos kula

Du'a piken wargi-wargi
Nu nuju tholabul ilmi
Pamugi hasil pangarti
Pikeun ngokohken agami

Download Vidionya ⇛Disini⇚

Comments

Postingan Populer

Syair Santri Salafi - Nalangsa Can Bisa Ngaji

Syair Santri Salafi - Tentang Akhir Zaman

Lirik Syair Santri Rindu Santri Salafi Bahasa Sunda