Syair Santri Salafi Putus Cinta

Untuk Vidionya Silahkan Klik Tulisan ini
Syair santri salafi "putus cinta"

Geuning kie karasana
Putus cinta teh sedihna
Aduh teu aya landongna
iwal pendak jeng anjeunna

teu di sangka teu di duga
anjeun ku tega-tegana
dimana akal salira
ka abdi janten merana

abdi reuwas rejeung bengong
teu benten jeng jalmi oon
waktos anjeunateh ngomong
ka abdi lewat telepon

wayahna urang papisah
ayena jeng salawasna
ku sim abdi di waleran
naon rikitu hoyongna

sim abdimah moal maksa
ri anjeun ges hente suka
karna abdimah rumasa
sim abdi jalmi hina

sateu acan abdi ngarti
arti hidup yau diri
mungkin ieu tos takdirna
abdi jeng anjeun papisah

karna abditeh manusia
teu kawasa jeng teu daya
saukur bisa ngadua
supados anjeun bahagia

abdi moal putus asa
tibang lengit hiji cinta
sugan weh aya gentosna
langkung tibatan salira

anjeunmah seserian
abdimah sesegrukan
soca ngalirken ci soca 
ngarasa asa di hina

abdi ihlas jeng narima
kana sadaya dayana
karna abdimah rumasa
narimakeun lapang dada

teu dipikir tidituna
teu disangka didinyana
anjeun ngomong rek satia
horengmah ngan modal dusta

duh gusti abdi tulungan
manah nuju kanyerian
kakasih nu janteun idaman
ayeuna janten sang mantan

pamenteu anjeun kabayang
dipangkuan dilamunan
siangna janten kenangan
weungina janten impenan

sim abdi geuring emutan
sapertos jalmi nu edan
tumbuhna tangkal percintaan
akhirna kanalangsaan

ieu syiir landong manah
ka abdi nu nyeri manah
dari pada dilamunan
mendingan bukin syairan

mun mung sakieu riwayatna
sim abdi keur galau cinta
abdi ge hoyong bahagia
sanaos teu jeng anjeuna

Download Vidionya ⇛Disini⇚

Comments

Postingan Populer

Syair Santri Salafi - Nalangsa Can Bisa Ngaji

Syair Santri Salafi - Tentang Akhir Zaman

Lirik Syair Santri Rindu Santri Salafi Bahasa Sunda