Syair Santri Salafi - Nalangsa Can Bisa Ngaji

Syair Santri Salafi "Nalangsa Can Bisa Ngaji"
Ku bismillah di kawitan
Abdi ngarangkai syairan
Syair tentang kahirupan
Abdi nu di pamondokan
Lamun hayang bisa ngaji
Entong loba nonton tv
Komo noong bujur meri
Bisi di tampiling banci
Duh gusti kudu kumaha
Abdi ngaos engges lila
Tapi angger hente bisa
Era ku calon mitoha
Unggal poe unggal waktu
Hente bosen ngala elmu
Sabab abdimah rumasa
Lain turunan ulama
Unggal bulan dikiriman
Beas duit kadaharan
Sakapeung mah osok era
Can bisa mulang tarima
Unggal subuh kabeurangan
Ngaji ge kadang nunutan
Sabab peuting kurang sare
Mikiran hanca nu hese
Kadang sare henteu tibra
Kusabab loba tumila
Nyongcongan kana salira
Ripuhna meni kacida
Lamun datang waktu ngaji
Tara geuwat ka cai
Meakeun hela ci kopi
Kopi sesa nu kamari
Mun di taros ku pun guru
Ditaros bab sorof nahwu
Puguh ge tara ngapalkeun
Abdi tungkul bari mengpeun
Beuteng geus kukuruwukan
Hayang geura di eusian
Ku pasak jeung lauk teuri
Sambel na sambel tarasi
Pas ngadenge wallahu'alam
Tina lambey mama ajengan
Duh gusti alhamdulillah
Beres ngaji meni bungah
Lamun ngomongkeun cinta
Santri teu bisa kumaha
Manehna ngandelkeun do'a
Eleh kunu boga ninja
Abdi ngadamel syairan
Nuju teu puguh emutan
Dikantun nikah ku mantan
Nu teu gableg rarasaan
ENTONG LOBA NONTON BOKEP:V
ReplyDeletePaujan
DeleteSipp
ReplyDeleteSedih sekali
ReplyDeleteUlah loba nonton nu twpuguh matak dosa
ReplyDelete