Syairan Santri Salafi - Sedih di Tinggal ku Umi

Untuk Vidionya Silahkan Klik Tulisan ini
Syairan Santri Salafi 
"Sedih di Tinggal ku Umi"

Ku bismilah di kawitan
Ngadamel ieu syi'iran
Ku abdi yang membutuhkan
Kana rohmatna pangeran

Ieu syi'ir sim abdi
Anu timbul dina ati
Anu keur ngaragak diri
Di tinggal pupus ku umi

Pamugi Sadaya ngarti
Kana syi'iran sim abdi
Anu dina sanubari
Kieu di tinggal ku umi

Barang dina hiji waktos
Kaleresan dinten sabtu
Aya kabar ti ae su
Tentang kondisi Pun Ibu

Sim abdi asa teu nyangka
Tapi da ieu teh nyata
Pun umi pupus ayena
Sim abdi meni nalangsa

Sim abdi hente kawasa
Nahan ieu teh sedihna
Tapi da kedah narima
Kodo kodar ti gustina

Jenajah di tengah bumi
Sadaya pada ningali 
Maksud tajia ka umi
Meni se'er silih berganti


Umi tos di pulasara
Tinggal di tutup mukana
Sim abdi hente kawasa
Ningalikeun pamenteuna

Sing koceak sing jarerit
Carerik maratan langit
Suarga santriat carerik
Santri jama'ah carerik

Sadaya pada ngiringken
Ka mesjid rek di sholat keun
Langsung teuras di pendemkeun
Di makom di sadiakeun

Teu kapikir tidituna
Teu di sangka tidinyana
Pun umi pupus ayeuna
Sedihna ka bina-bina

Pamenteu umi kabayang
Di pangkuan di lamunan
Siangna janten kenangan
Wengina janten impenan

Soca ngalirkeun ci soca
Sim abdi kawas nu buta
Di tinggal nu mika cinta
Nalangsa luar biasa

Dahar abdi teu mirasa
Sare abdi henteu tibra
Raga abdi asa rara
Ngemutan nu mika cinta

Abdi ikhlas jeung narima
Kana sadaya-dayana
Karna abdi teh manusa
Saukur bisa ngadu'a

Hatur nuhun santri-santri
Jeung alung di aso giri
Parantos ngaoskeun umi
Dugika pat puluh hari

Sim abdi meni ka tampi
Teu bisa mulangkeun diri
Ka saean santri-santri
Ka saean na alumni

Dugika ieu syi'iran
Moga gusti ngagantian
Ka sedihan nalangsaan
Di gentos ku kabingahan

Tur pamugi gusti nampi
Amal ibadahna umi
Tur sareng pamugi gusti
Ngahampura dosa umi

(-Amiin Amiin Amiin-)

Download Vidionya ⇛Disini⇚

Comments

Post a Comment

Selamat datang di blog Syair Salafi.
terimakasih atas masukannya dan tolong bantuannya ya untuk suport blog ini.

terimakasih, salam admin#MR14

Postingan Populer

Syair Santri Salafi - Nalangsa Can Bisa Ngaji

Syair Santri Salafi - Tentang Akhir Zaman

Lirik Syair Santri Rindu Santri Salafi Bahasa Sunda