Lirik Syair Santri Rindu Santri Salafi Bahasa Sunda

Untuk Vidionya Silahkan Klik Tulisan ini

Lirik syair santri salafi bahasa sunda
rindu santri salafi

aduh ema aduh bapa
batin abdi keur nalangsa
sering emut ka anjena
kasepna kabina-bina

iraha abdi patepang
jeung anu di pikasayang
anu sok ka bayang-bayang
tiap wengi tiap siang

rindu meni teu katahan
hoyong pendak jeung pujaan
cipanon sing akreclakan
duh gusti abdi tuungan

kumaha kabar anjena
ayeuna aya dimana
hayang nelpon hente bisa
HP nage hente aya

hiji mangsa aya kiriman
kirimanna babaturan
arek ngilu sms'an
si horengmah taya pulsaan

habibi aduh habibi
iraha ngalongok abdi
naha tos teu emut dei
ka abdi nu keur menanti

habibi goba'an 'aini
lakin laa yagi fii qolbi
engkau jauh dimataku
tapi dekat dihatiku

duh angin nu ngahiliwir
sampaiken salam sim abdi
ka anjena nu keur ngaji
nu janten pujaan hati

sakieu nadzoman tamat
mudah-mudahan manfaat
ka santri nu rindu berat
ka kasihna henteu kuat

Download Vidionya ⇛Disini⇚

Comments

Postingan Populer

Syair Santri Salafi - Nalangsa Can Bisa Ngaji

Syair Santri Salafi - Tentang Akhir Zaman