Syair Santri Salafi - Kanyaah Jadi Runtah

Untuk Vidionya Silahkan Klik Tulisan ini

Syair santri salafi 
Kanyaah jadi runtah

syairan ieu dirangkai 
bari cipanon ngarambai
harapan anu teu sampai
hubungan anu tos usai

ieu kah cara ngabales
kanyaah nu tanpa batas
berkorban nu banget ikhlas
manah retak remuk dadas

memang abdi banget bogoh
tapi abdi hente bodoh
abdi sabar sareng sadar
berjuang nyalira teu wajar

salahna abdi percaya
uacapan dina lambeuyna
bungah anu teu ka ukur
ngagaduhan abdi bersyukur

nyatana ngan ukur kata
jauh pisan dina fakta
ku hal sepele anjeun mundur
kabeh cita-cita ancur

padahal dina hubungan
pinuh pisan ku kapaitan
jutaan cipanon maturan
demi ngajaga tujuan

cara anjeun indit pamit
nyieun abdi sesah bangkit
disaat nyaah nu banget
anjen malah nyien rahet

ayena mencoba ikhlas
narima hubungan kandas
mugi anjeun bahagia
manggih nu lebih ti kula

Download Vidionya ⇛Disini⇚

Comments

Postingan Populer

Syair Santri Salafi - Nalangsa Can Bisa Ngaji

Syair Santri Salafi - Tentang Akhir Zaman

Lirik Syair Santri Rindu Santri Salafi Bahasa Sunda