Syair Santri Salafi - Lembaran Kisah Cinta Santri Salafi

Syair santri salafi
Lembaran kisah cinta santri salafi
kasedih abdi ayena
di tulis kana syairna
kecewa rasa na dada
narima hente narima
sapalih lembaran kisah
hidup abdi anu susah
hese bagiana manah
pengorbanan anu musnah
kecewa abdi kecewa
di nyenyeri ku anjenna
ngorbanken tanaga raga
jang anjeun nu di kobongna
jauh pisan carita na
tos kaliwat lalakona
ngan bakat masih narima
anjenna nyodetken luka
di awal urang hubungan
bingah pisan ka alaman
abdi rido ngamodalan
keur anjen di pasantrena
dugi ka abdi ngelehan
abdi lier masantrenna
di keluarga tuntutan
rama tos teu nganafkahan
bakat cinta dina ati
kakeluarga di bumi
sakalien ninggal rizki
jang anjen nueker ngaji
selang beberapa bulan
urang ngajalin hubungan
karasa taya hambatan
abdi siap ditarosan
memang tos lain jodona
urang teu aya taqdirna
putus hubungan cintana
wasilah salah anjenna
teu nyangka pisan abdi
kaanjen pujaan hati
salami abdi keur kuli
anjeunteh sobat sim abdi
aya tali percintaan
ngajalin hiji hubungan
hate kula jejeritan
bakat nyeri teu katahan
segala pengorbananku
kau anggap angin berlalu
susah payah di hidupku
kau tak peduli padaku
niat alus kahalangan
kahalang ku kanyeriyan
abdi jiga ka edanan
anjen nu teu ngahargaan
abdi kur jalmi biasa
taya daya juga upaya
rasa nyeri dina dada
masih manceg ka ayena
abdi nu gampang di tipu
abdi nu gampang karayu
gaya loe guna parasmu
nyien abdi tunduk layu
anjen teu gaduh emutan
anjen teu gaduh prasaan
teu pantes mikanyaahan
jalma tukang khianatan
sanes masalah biaya
hal eta teu sabaraha
nu banget matak nyerina
kanyaah nu dipicena
tuntungnateh abdi pundung
bakat ku banget kaduhung
sedihna teu manggih tungtung
abdi ayena merenung
tah kade kapara santri
sing fokus tholabul ilmi
ulah sampai ka alami
hikayatna diri abdi
Comments
Post a Comment
Selamat datang di blog Syair Salafi.
terimakasih atas masukannya dan tolong bantuannya ya untuk suport blog ini.
terimakasih, salam admin#MR14