Syair Santri Salafi - Nalangsa Batin

Syair santri salafi
Nalangsa batin
syairan ieu di tulis
dibarengan soca nangis
ngemutan hirup nu miris
jauh pisan na ka amis
jasad meni hampir beak
asa hayang tarik ngagoak
kabungah nu teu memihak
kamanis nu can ka cabak
hirup asa jadi runtah
jauh pisan na kabungah
cipanon turun teu eren
nempo hirup pisedihen
lainna kula mengeluh
namun karna banget jenuh
dzohor batin banget rapuh
berang peting nelen ciduh
mun megatken nyawa teu dosa
ges dilakonan ti bahela
mun tempatna lain naraka
ayena ges eweh di dunya
berang peting nangkep tuur
kaperih ges jadi dulur
sirah tungkul mikiran hirup
rasana engges teu sanggup
sakapeng osok ngahayal
katemuan ku ijroil
ngarepken datang na ajal
dibawa balik di panggil
kaula ayena pasrah
loba sila na sajadah
cipanon turun ngalayah
mugi dzohir batin tambah
Comments
Post a Comment
Selamat datang di blog Syair Salafi.
terimakasih atas masukannya dan tolong bantuannya ya untuk suport blog ini.
terimakasih, salam admin#MR14