Syair Santri Salafi - Sahabat Nu Khianat

Untuk Vidionya Silahkan Klik Tulisan ini

Syair Santri Salafi "Sahabat Nu Khianat"

Syairan ieu ditulis
Tentang kisah anu miris
Hiji hubungan nu manis
Berpisah kucara sadis

Hubungan nu banget Lila
Dua rasa NU dijaga
Bakal ngahiji tos yakin
Direbut ku Batur Ulin

Padahal anjeun sahabat
Nu sok jadi tempat curhat
Baheula anjeun ngadukung
Tapi Naha anjeun nikung

Disaat nya'ah nu hebat
Hubungan ngadadak pegiat
Karna jalma nu khianat
Nu berjuluk seorang sahabat

Teu disangka teu diduga
Sahabat nu dipercaya
Nu maturan suka duka
Tampil jadi orang ke tiga

Duka kumha awalna
Anjeun naha bisa suka
Bisa hadir Dina kisah
Ngadadak nyenyempit manah

Padahal atuh nyarios
Ka abdi anjeun wawartos
Meren abdi bakal mundur
Najan Manah milu ancur

Anjeun teh geuning munafik
Nu dipapayun abdi baik
Tapi Kana manah nincak
Hubungan nu Lila retak

Gara-gara anjeun hadir
Abdi na Manah tersingkir
Perhatian Jeung kanyaah
Geus teu karasa na manah

Anu nyieun Manah beulah
sanes hubungan kapisah
tapi nu dipikanyaah
Tertarik seorang sampah

Ayeuna abdi memilih
Sareng anjeunna patebih
Daripada Manah dadas
Mending hubungan dilepas

Bertahan pun tos percuma
Berkorban tos sia-sia
Mendingan ngalangkah mundur
Meh Manah teu milu ancur

Anjeun sahabat nu bodoh
Kapsangan Batur Bogoh
Abdi ayeuna ngado'a
Moga karma teu menyapa

Download Vidionya ⇛Disini⇚

Comments

Postingan Populer

Syair Santri Salafi - Nalangsa Can Bisa Ngaji

Syair Santri Salafi - Tentang Akhir Zaman

Lirik Syair Santri Rindu Santri Salafi Bahasa Sunda