Syair Santri Salafi - Sang Dzuriyyah Nabi Idaman

Untuk Vidionya Silahkan Klik Tulisan ini

Syair santri salafi
sang dzuriyyah nabi

ku sholawat di kawitan
abdi ngarangkai syairan
syair tentang kasedihan
dzuriyyah nabi idaman

duh sungguh keterlaluan
jalma teu boga pikiran
duriyyah di marusuhan
di buru jeng di tewakan

bahela alhabib riziq
di buru kaum munafik
ayena alhabib bahar
nu diburu jeng di incar

duh teu kabayang nyerina 
manah nabi sang baginda
ningali darah dagingna
ayena keur diharina

padahalmah di akherat
coba rek kamana lumpat
ngemis syafa'at kasaha
lamun lain ka baginda

sim abdi kantos ngadangu
cariosan ti pun guru
mun ahlul baet di hinaken
surga allah di haramken

Download Vidionya ⇛Disini⇚

Comments

Postingan Populer

Syair Santri Salafi - Nalangsa Can Bisa Ngaji

Syairan Santri Salafi - Sedih di Tinggal ku Umi

Syair Santri Salafi Putus Cinta