Syair Santri Salafi - Unsuk Sang Idola (dzuriyyah nabi)

Untuk Vidionya Silahkan Klik Tulisan ini

Syair santri salafi
 Unsuk sang idola (dzuriyyah nabi)

bismillah abdi ngawitan
alhamdulillah nyarengan
iye syairan harepan
anu terus gentayangan

sang idola habib rizieq
lami pisan hente balik
sang idola habib bahar
tos lami acan kaluar

ku banget lami di mekah
habib rizieq mukim pindah
sareng muhibbin papisah
cisoca umat ngalayah

ngalayah ku karna rindu
rindu datang tiap waktu
waktu mulangna di nanti
mulang kembali ka negri

sareng sei teu sakedap
alhabib bahar di tangkap
di balik jeruji muqim
ku sabab fitnah nu dzolim

padahal dina syare'at
nu ngaku-ngaku dzuriyyat
cek ulama bere siksa
ku cara tilu perkara

kahiji gera tenggelan
terus ngaranna masyhurken
katiluna di kurungan
nepi manehna kapoken

teu pati-pati bertindak
ulama ngabela nu hak
dimata baturmah salah
padahal cek syare'at na sah

ci panon teu eren ngocor
nempo jelema taledor
cipanon teu eren nangis
nempo jalma mani sadis

ka dzuriyyah wani nincak
ku sabab hante sapihak
teu sa arah jeng ka hayang
malah pang harepna nentang

habib bahar habib rizieq
di ijid kaum munafik
habib rizieq habib bahar
di benci kaum kuffar

kusabab sok pang harepna
nantang nu nista agama
sanajan getih ngalucur
salangkahge moal mundur

eta dua sang dzuriyyah 
ulama nu istiqomah
nu umurna di wakaf keun
ka agama di beakken

duh gusti allahu robbi
hiji pamenta ti abdi
takdirken presiden ganti
supaya habib kembali

kembali bareng jeng umat
kembali nebar nasehat
supaya negri ka rohmat
dunya akherat maslahat

Aamiin Aamiin Aamiin
Aamiin yaa Robbal'alamin
Aamiin Aamiin Aamiin
Ya arhamar Rohimin

Download Vidionya ⇛Disini⇚

Comments

Postingan Populer

Syair Santri Salafi - Nalangsa Can Bisa Ngaji

Syairan Santri Salafi - Sedih di Tinggal ku Umi

Syair Santri Salafi Putus Cinta