Lirik Syair Santri Salafi - Bapak Ngantunken Nuju Mondok

Syair Santri Salafi
"Bapak Ngantunken Nuju Mondok"
Duh umi atuh kumaha
Hirup abditeh nalangsa
Nalangsa teu gaduh bapak
Nu tos lami ngantunkeuna
Bapak pupus teu nungkulan
Abdi keur dipasantrenan
Hatemah keur bubungahan
Firasatna karaos pisan
Barang wargi ngawartosan
Ujang hayu urang mulang
Sakedap aya wagelan
Dibumi keur kasusahan
Mangga geura tinggalian
Bapak nu di pangsarean
Sugan teh nuju teu damang
Geuning bapak teh tos mulang
Cisoca abdi ngeclakan
Ninggal bapak dituruban
Seueur jalma ngariungan
Kabeh pada nyaraksian
Pun rai anu seueurna
Ngan ukur bisa ceurikna
Ninggal bapak payuneuna
Bari di usapan nana
Ayeunamah sare bapak
Sanes ngan sare biasa
Sare anu salamina
Ninggalkeun urang sadaya
Sangsara ku teu gaduhna
Beukeul piken dikobongna
Dahar oge saayana
Kitu ge lamun manggihna
Batur sibuk dikiriman
Abdimah ka seseudihan
Ninggal batur bingah pisan
Aya anu ngalongokan
Boro-boro ngalongokan
Komo dei nu ngiriman
Sugan ti dulur sorangan
Tapi da teu aya pisan
Pasantren teh peurih pisan
Bekeul neangan sorangan
Keur ayamah bungah pisan
Ngaji ge kasumangetan
Tapi lamun teu manggihna
Hate sedih karasana
Nahan beuteng ku laparna
Peuting teu daek sarena
Mereun lamun gaduh bapak
Hirupteh pasti bahagia
Cara batur barungahna
Abdimah kantun sangsara
Mugi gusti ngahampura
Kana dosa umi bapak
Jeung nampi kana amalna
Jeung salamet salamina
Comments
Post a Comment
Selamat datang di blog Syair Salafi.
terimakasih atas masukannya dan tolong bantuannya ya untuk suport blog ini.
terimakasih, salam admin#MR14