Lirik Syair Santri Salafi - Cinta teu direstuan

Untuk Vidionya Silahkan Klik Tulisan ini

Syair Santri Salafi "Cinta teu direstuan"

Wa'ulqotunb hasilatun bil qitabah
ka 'ulqotin hasilah bil mustofahah

ngahubungken cinta hasil ku tulisan
kaya hasil cinta ku sasalaman
ya'ni ieu syai anggap perwakilan
diri abdi ka anjeun teh dedeh pisan

jauh pisan cinta nu karandapan
merjuangken cintan tos bebeakan
barang anjeun dongkap bade ngakhitbahan
hanyakal cinta urang teu direstuan

memang nage salah urang ngambil langkah
enggal-enggal teuing hoyong geura nikah
bakat kasienan anjeun kapayunan
tika gancang ngambil keputusan

tiap wengi cai soca ieu ragrag
kadangmah asa ditindihan ku jagad
ngajeurit ka dzat anu masihan cinta
abdi hoyong sepuh hatena kabuka

tiap hujan ngaririncik abdi ceurik
rasa hate kian hari kian sakit
embunglah embung kuring asa di cekik
ngan batin ngajerit maratan langit

kunaon atuh tiap aya kasenang
jeung nalika abdi keur aya kahayang
sepuh pasti siap untuk menantang
dengan seribu alasan dihadang

ayeuna maha urang we saling nguatken
abdimah moal dugika ngajalirken
kana janji-janji abdi nu ka anjeun
kitu oge anjeun ulah mopohokeun

wahai dzat nu maha ngabaliken rasa
mugi numibaken ka sepuh kaula
kana restu cinta hatena kabuka
alim kanu lain hoyong ka si aa

abdi alim pisan lamun di jodohken
sabab hate moal bisa narimakeun
teu bisa yeu cinta nu utuh dibiken
ka lalaki lian nu teu dihayangken

aa kedah sobar nami qodo qodar
da jodohmah moal aya nu tertukar
urang kedah kuat barina ikhtiar
digi lafad qobiltu engke terdengar

sakie syairan tamatna wassalam
ieu kisah nu teu di restuan
bakat pengalaman nu nyanyi syairan
mugia katampi ku ikhwan-ikhwan

Download Vidionya ⇛Disini⇚

Comments

Post a Comment

Selamat datang di blog Syair Salafi.
terimakasih atas masukannya dan tolong bantuannya ya untuk suport blog ini.

terimakasih, salam admin#MR14

Postingan Populer

Syair Santri Salafi - Nalangsa Can Bisa Ngaji

Syair Santri Salafi - Tentang Akhir Zaman

Lirik Syair Santri Rindu Santri Salafi Bahasa Sunda