Lirik Syair Santri Salafi - Pepatah Untuk Wanita Akhir Zaman

Untuk Vidionya Silahkan Klik Tulisan ini
Syair Santri Salafi 
"Pepatah Untuk Wanita Akhir Zaman"

bismillah abdi ngawitan 
kana yeu hiji syi'iran
iyeumah lain sindiran
tapi hiji peringatan

istri-istri sing narima  
kana yeu hiji carita
sabab lain ecek beja
tapi bukti anu nyata

ayena abdi ngawitan
kana ieu caritaan
istri-istri tong delitan
lamun keur jadi parawan

istri di zaman ayena
angean ka bina-bina
pamake teu jeng elmuna
oratna kamana-mana

istri di zaman kiwari
akhlaqna teh rupi-rupi
nurutan akhlaq yahudi
anu aya dina TiVi

omat istri sing areling 
ayenamah loba maling
lain maling baju samping
tapi maling tengah pingping

ka istri kedah waspada
bisi katipu pemuda
pemuda zaman ayena
pinter pisan ngarayuna

urang kedah hati-hati
lalaki zaman kiwari
ayeuna mah seer bukti
hoyongna ukur mimiti

ka istri sing kuat iman
ayenamah akhir zaman
ulah daek ngalayanan
lalaki teu boga iman

istri teh racun dunia
tapi istri anu mana
anu sapuluh nafsuna
istri nu eweh ka era

para istri sing narima
kana ieu papatahna
mugi sing janteun elmuna
kangge urang sadayana

sing ageng pisan hampura
ka abdi anu nyarita
hapunten pisan salira
anu kirang tata basa

Download Vidionya ⇛Disini⇚

Comments

Postingan Populer

Syair Santri Salafi - Nalangsa Can Bisa Ngaji

Syairan Santri Salafi - Sedih di Tinggal ku Umi

Syair Santri Salafi Putus Cinta