Lirik syair santri salafi - Pernah mencintai
Lirik syair santri salafi "Pernah mencintai"
ku bismillah di awali
pengobat rsa di hati
kadorong rasa ka nyeri
syaire ieu di awali
memang fitrahna wanita
sagala hal make rasa
sakali hate mencinta
panceug moal berpalingna
ngan hanjakal lalakonan
abdi anu kanyerian
mencinta ka hiji ikhwan
henteu pernah di hargaan
awal kisah perkenalan
jadi hasil perasaan
bageur oge perhatian
nu ngadamel abdi nyaman
lamina terus kontekan
saling mere kabahagiaan
anjeun sok mapatahan
teu hilap sok nyemangatan
santun dina perkataan
wajah yang sangat rupawan
bikin abdi tambih nyaman
anjeun tipe abdi pisan
mangsana dihiji wengi
ningal status kontak abdi
anjeun ngapload foto istri
nu geulis kawanti-wanti
abdi teu genah emutan
saha eta geulis pisan
ditarosken teh geuningan
calonna anu idaman
tidinya ngadadak eureun
chatan ge teu di tuluyken
hate asa kawaasken
abdi tos diperbodohken
naon atuh nu kamari
perhatian nu ka abdi
naon atuh nu kamari
jiga resep ka sim abdi
lain abdi ka GR'an
ngan teu bisa dibohongan
da awewe bisa nyaman
ka lalaki perhatian
nu awal nage teu suka
bisa jadi sangat cinta
ku cara terus bicara
sampai titik ternyamana
komo abdi nu tos suka
nu tos resep ti awalna
teu nyangka kie jadina
anjeun sanes jang kaula
pernah teu anjeung ngemutan
perasaan perempuan
dikieken teh teu tahan
saukur bisa nyengcerikan
andai istri bisa ngaku
tihela ngaku I Love You
meren aya nu ditunggu
harapan cinta menyatu
ngan abdi ageng ka isin
meningan cicing ngabatin
peurih bari prihatin
akhir cinta teu terjalin
hapunten abdi duh amang
rasa nyeri teu kabandang
mulai ti ayeuna pisan
abdi moal rek ngontekan
terlalu sakit menahan
rasa nu teu dihargaan
apal anjeun pasti teurang
abdi resep abdi pisan
syair dialap wekasan
harap amang mendengarkan
istri nu pernah mencinta
diantepken ku salira

Comments
Post a Comment
Selamat datang di blog Syair Salafi.
terimakasih atas masukannya dan tolong bantuannya ya untuk suport blog ini.
terimakasih, salam admin#MR14