Syair Santri Salafi - Boro-Boro Bobogohan

Untuk Vidionya Silahkan Klik Tulisan ini
Syair Santri Salafi "Boro-Boro Bobogohan"

Boro-boro baju lebaran
Sampo ge di kungkurahan
Boro-boro jalan-jalan
Sabun hiji ge kulobaan

Boro-boro bobogohan
Hape ge teu kapulsaan
Boro-boro vidio call an
Facebook oge popoekan

Baturmah geus jalan-jalan
Bungah bari seserian
Urangmah jeung babaturan
Silih garo palangkakan

Baturmah geus mawa ninja
Supra ge urang teu boga
Kahayangmah mawa randa
Komo lamun mamah muda

Kumaha rek teu nyerina
Kabogoh hiji-hijina
Bari jeung bau sungutna
Salingkuh jeung tukang gula

Padahal urang setia
Kusabab urang rumasa
Nembak tara ditarima
Teu nyaho kunaon boa

Tapi sok sanajan kitu
Urangmah tara haliwu
Ngadon ngalilier hulu
Nu pentingmah sebeh nyatu

Urang ge kantos ngalaman
Jalan-jalan jeung sang mantan
Tapi tara mere jajan
Tungtungna ngajak putusan

Kuwari rek hees deui
Sugan bae engke ngimpi
Bisa panggih jeung bi santri
Nu nongton vidio sim abdi

Amang santri nu maranis
Bibi santri nu garelis
Ulah poho ulah inggis
Subscribe atuh da gratis

Download Vidionya ⇛Disini⇚

Comments

Postingan Populer

Syair Santri Salafi - Nalangsa Can Bisa Ngaji

Syair Santri Salafi - Tentang Akhir Zaman

Lirik Syair Santri Rindu Santri Salafi Bahasa Sunda