Syair Santri Salafi - Duh Angin Nu Ngahiliwir

Untuk Vidionya Silahkan Klik Tulisan ini

Syair Santri Salafi "Duh Angin Nu Ngahiliwir"

Duh angin nu ngahiliwir
Sampaiken salam sim abdi
ieu syairan insani
nu mencintai ka santri

Nu kasep kabina-bina
Ngagoda raga jeng mata
Lalakon dua manusa
Nu awalna mika cinta

Kahalang ku cita-cita
Tah ieu teh lalakona
Hiji mangsa dinten jum'at
Abdi pamit bade angkat

Nyiar elmu nu manfaat
Supados luhur derajat
Abditeh di pamondokan
Nganinggalken karinduan

Dipisah ku kajauhan
Cinta butuh pangorbanan
Tos lami hente patepang
Sareng anjeuna tersayang

Anjeun pendak jeung parawan
Geulisna kawas biduan
Duh gusti abdi sangsara
Mencintai hiji manusa

Cinta abdi saleresna
Dianggap cinta nurjana
Duh gusti abdi tulungan
Hate nuju kanyerian

Lalaki nu janten pilihan
Direbut para walian
Dahar abdi teu mirasa
Sare abdi hente tibra

Raga abdi rasa neurak
Sebab ngemutan anjeuna
Soca ngalirken ci soca
Abdi kawas jalmi buta

Emutna sebabna cinta
Akhirna jadi nalangsa
Ieu seurat janten hasrat
Tulisan wawakil lisan

Jeung kertas nu janten tugas
Tur mangsi nu janten saksi
Mugi gusti ngawidian
Ngagentos kanalangsaan

Ngilangken ka perhatian
Di gentos ku kabingahan
Margi wungkulken ka gusti
Sim abdi masrahkeun diri

Tina setan sareng jalmi
mugi wungkulken ka gusti

Download Vidionya ⇛Disini⇚

Comments

Postingan Populer

Syair Santri Salafi - Nalangsa Can Bisa Ngaji

Syairan Santri Salafi - Sedih di Tinggal ku Umi

Syair Santri Salafi Putus Cinta