Syair Santri Salafi - Gogoda Nu Keur Tolab Elmu

Untuk Vidionya Silahkan Klik Tulisan ini

Syair Santri Salafi 
"Gogoda Nu Keur Tolab Elmu"

Ayena abdi rek ngaji
Di goda ku santriwati
Awalna apal imriti
Ayeuna paroho dei

Terus ngapalkeun yakulu
Tapi abdi mineng rindu
Ku sabab cinta geus nyandu
Amisna serasa madu

Ayeuna ngapalkeun hadist
Tapi loba para gadis
Anu lumayan garelis
Anu jadi panah iblis

Hiji mangsa apal qur'an
Abdi teh parantos nahan
Tina godaan si setan
Tapi si eneng maksaan

Nalika jadi alumni
Abdi ngomong ka abah umi
Hayang nikah kedeng dei
Harita teh langsung jadi

Keur dina malem sunahna
Si eneng ngajak pacaran
Harita teh ngan dua an
Teu lila teh kalepasan

Geuning kie karasana
Nyolok kanikmatan dunya
Ngenahna kabina-bina
Serasa aya di surga

Sakieu wae ti kami
Anu nuju tholab ilmi
Moga jaradi kiyai
Aminan ku para wali

Download Vidionya ⇛Disini⇚

Comments

Postingan Populer

Syair Santri Salafi - Nalangsa Can Bisa Ngaji

Syair Santri Salafi - Tentang Akhir Zaman

Lirik Syair Santri Rindu Santri Salafi Bahasa Sunda