Syair Santri Salafi - Kisah di Pamondokan

Untuk Vidionya Silahkan Klik Tulisan ini

Syair Santri Salafi "Kisah Di Pamondokan"

Bismillahirrohmanirrohim
Nyanggakeun silaturohim
Teu nganggap diri teh alim
Cuma sadar diri geh muslim

Abdi seja mosting syairan
Sebab da resep nadzoman
Ieu kisah nu ka alaman
Basa hidup di pamondokan

Karaos perihna ati
Lalakon hirup keur nyantri
Dina siang oge wengi
Da tebih ti umi abi

Hidup kedah ngaraosan
Masak nyuci ku sorangan
Bahkan mineng ka alaman
Beuteng perih kalaparan

Komo mun tos musim hujan
Kayu bakar langka pisan
Nepi jandela babaturan
Semplak seep di babeleman

Da atuh santri salafi
Bubar ngaos tengah janari
Atuh puguh warung nasi
Sadayana tos di karonci

Nu banget sedih kacida
Tuang nage saaya-aya
Boro ra'ah lauk peda
Uyah ge tos mulai langka

Cuma kur nuangan nasi
di buled-buled ku santri
Meuni mirip bola kasti
Nuang nage sura seri

Mantak kami para alumni
Hente putus silaturahmi
Kajeun kami tos teu ngahiji
Tapi kami teman sejati

Beda jeung budak sakola
Mantas lulus garede laga
Padahal eta kolotna
Beak sawah jeung pakaya

Tapi jarang bersyukur
Ka kolot wani nga gusur
Kana siksa nu maha gofur
Da di dunya na kalufur

Teu manfaat waktu nu lila
Bataun-taun sakola
Akhlak adab teu di jaga
Ka keluarga doraka

Hiji santri lewih utama
Kajeun ngajina henteu bisa
Tibatan sarebu budak sakola
Kajeun boga gelar sarjana

Mantak areling manusia
Didik anak ku agama
Ambeh ka gusti uninga
Nurut ka parentahan syara

Hayu budak di pasantrenkeun
Ka kiyai di titipkeun
Hirup budak salametkeun
Aqidahna di kuatkeun

Kaburu anjeun ka duhung
Nalangsa teu manggih tungtung
Mantak hayu entong bingung
Bungkus ku akhlak nu agung

Tah sakitu papatah teh
Sugan janten amal sholeh
Ibadah tong sok campoleh
Ambeh bagja sa entos paeh

Download Vidionya ⇛Disini⇚

Comments

Postingan Populer

Syair Santri Salafi - Nalangsa Can Bisa Ngaji

Syair Santri Salafi - Tentang Akhir Zaman

Lirik Syair Santri Rindu Santri Salafi Bahasa Sunda