Syair Santri Salafi - Kisah Kembang Kamboja

Untuk Vidionya Silahkan Klik Tulisan ini

Syair Santri Salafi "Kisah Kembang Kamboja"

Ku bismillah di kawitan
Ie kisah dinadomken
Ku abdi yang membutuhkan
Kana rahmatna pangeran

Kisahna kembang kamboja
Jadina bercabang dua
Nu teu asing jeng teu langka
Nu tumbuhna di astana

Ka caturkeun dua santri
Santri putra santri putri
Saking demen jeung sehati
Berpadu cinta sejati

Ki ahmad eta namina
Jeung siti mar'ah namina
Sanajan panggihna langka
Tetep nyaah jeung satia

Barang dina hiji mangsa
Ki ahmad ngalih kobongna
Siti mar'ah teu kawasa
Bari nangis jeung setia

Siti mar'ah sesegrukan
Nyariosna alon pisan
Pami nyampai ditujuan
Tong hilap enggal nyeratan

Ki ahmad ngawaler sopan
Jawabna aduh kantenan
Masa aku melupakan
Dirimu yang aku sayang

Kalau ada sumur diladang
Bolehkah menumpang mandi
Kalau ada umur panjang
Bolehlah bertemu lagi

Siti mar'ah mesem manis
Cahayaan bari jeung gelis
Sanaos bari jeung nangis
Siti mar'ah tetep gelis

Tos lami kacaturnaken
Lamun rinduna mereka
Silih suratan balikna
Tuk mencurahkan hatina

Kacaturken ibu ramana
Ka siti mar'ah nyarita
Kedah enggal kabumina
Ngawaro jeung hente nyangka

Teu nyangka rek di tikahkeun
Margina teu ngawartosken
Mulangge ngan ngajalankeun
Pamanut ortu mah sien

Sanajan bari teu sangka
Dijodohken ibu ramana
Siti mar'ah nya ka paksa
Hatina sakit tersiksa

Pernikahan siti mar'ah
Membuat ki ahmad resah
Laku lampah serba salah 
Dahar nginum teu ngarenah

Ibu rama siti mar'ah
Lain tega jeung teu nyaah
Miwarang enggal ditikah
Ninggal harta nu berlimpah

Orang tua nempo harta
Nukitu matre ngarana
Kajeun teing agamana
Yang penting berlimpah kaya

Ringkes bae caritana
Ki ahmad lewih sangsara
Nepika satedamangna
Panyakitna beki parah

Menvit meri dina rakit
Boboko wadah bakatur
Lain nyeri ku panyakit
Kabogoh direbut batur

Kumaha duh kumahakeun
Teu tiasa dipaparkeun
Banget hese di paparkeun
Apan anjeun  ngaraosken

Ngan anjeun mah tidak tahu
Rasa pahit didiriku
Seperti munum empedu
Mending bila minum madu

Ki ahmad hatena nangis
Perih bagaikan di iris
Taya seorangpun pedis
Miceun ku panyakit sadis

Teu lami ki ahmad mati
Nyawana di ambil gusti
Mungkin sabab sakit hati
Sampai memasrahkan diri

Siti mar'ah ge teurangen
Sabab aya nu nyampaikeun
Gebeg hatena rewasen
Kumaha duh kumahaken

Emangna siti mar'ah
Teu bakal ti awal nikah
Pikiran selalu gundah
Hatena selalu resah

Rejeng ti saprakna nikah
Membatin selalu dirina
Hese ngahilangkeun nana
Ki ahmad dina hatena

Sanajan sareng caroge
Teu bisa malingken hate
Sakapeng sok hare-hare
Teu mayunan ka caroge

Di tambah aya berita
Ki ahmad meninggal dunia
Hatena semakin gila
Dohir batina tersiksa

Dimana surya tenggelam
Menun jukan waktu malam
Pikiran osok melayang
Memikirkan seseorang

Seseorang anu pindah
Dihatena siti mar'ah
Ki ahmad anu terpisah
Terpisah karena nikah

Sakapeng sok pang keselna
Carogena nu budiman
Ditaros jarang nembalan
Ngajantenken penasaran

Aduh nyai bojo akang
Naon anu di emutan
Jawabna teu gaduh akang
Abdi hoyong ka kuburan

Carogena teu ngulahken
Kalah malah ngajajapkeun
Naon anu disuruhkeun
Mangga bade dijalankeun

Kacariosken sering pisan
Siti mar'ah ngajarahan
Ka kuburan popotongan
Anu hente ka jodohan

Upami wangsung jarahna
Sok nguping aya sorana
Suarana hiji jalma
Teu jirim dengenannana

Sanaos barin teu jirim
Siti mar'ah hente yakin
Eta sora anu pokna
Aduh meren nya bagjana

Lamun urang teu laksana
Lamun hanjakel telahna
Teu lami hirup kaula
Di dunia sakicep mata

Teu aya sugan jaya
Bakal manggih anjen bagja
Teu bisa di sanes-sanes
Puguh soranateh bentes

Hatena sangat tergores
Mulangge teu bisa hees
Diriwayatken aya riwayat
Siti mar'ah sakit berat

Enya anjeuna wasiat
Waktos anjeuna sakarat
Pami engke di kuburna
Siti mar'ah teh nyuhunken

Ulah hente di rejengkeun
Caket ki ahmad gigiren
Barang tos canduk waktosna
Siti mar'ah liar dunia

Di panggil anu kawasa
Robbil'alamin nu mulya
Ka carioskeun pupusna
Dilaksanakeun pupusna

Nya tumbuh kembang kamboja
Ka tunggul bercabang dua
Mungsakie nu katampi
Kisah ie ku sim abdi

Download Vidionya ⇛Disini⇚

Comments

Postingan Populer

Syair Santri Salafi - Nalangsa Can Bisa Ngaji

Syair Santri Salafi - Tentang Akhir Zaman

Lirik Syair Santri Rindu Santri Salafi Bahasa Sunda