Syair Santri Salafi - Neng Aa Rindu

Untuk Vidionya Silahkan Klik Tulisan ini
Syair Santri Salafi "Neng Aa Rindu"

Ku bismillah di kawitan
Abdi ngadamel syairan
Sugan tiasa ngubaran
Rasa rindu ka pujaan

Di wengi nu sunyi pisan
Abdi ngadadak mikiran
Mikiran eneng pujaan
Nu rupana gelis pisan

Tos lami hente pateupang
Sareng eneng yang tersayang
Anu sok kabayang-bayang
Tiap wengi tiap siang

Mugi eneng ngarasakeun
Nu ku abdi dirasakeun
Cinta anu di hareupkeun
Salamina di jalankeun

Eneng iraha rek mulang
Abdi didie teu tenang
Teu tenang sien menghilang
Neng gelis di ambil orang

Duh eneng abdi teu kiat
Nahan rindu meuni berat
Kawas jalmi nu sakarat
Dahar nginum ge teu ni'mat

Gunung gede jadi saksi
Jadi saksi rindu abdi
Ka eneng anu keur ngaji
Nu selalu di hate abdi

Hidup asa teu berarti
Tanpa sang pujaan hati
Nu selalu dinanti-nanti
Kehadiranna ku abdi

Upami hujan girimis
Hate abdi ge menangis
Menangis asa di iris
Emut ka eneng nu geulis

Alkalamu jadi mubtada
Meuli pena malem jum'at
Aku cinta ka anjeunna
Di dunia nepi akhirat

Duh gening kie rasana
Nahan rindu teh nalangsa
Nyiksa ka awak nyalira
Ripuhna kabina-bina

Download Vidionya ⇛Disini⇚

Comments

Postingan Populer

Syair Santri Salafi - Nalangsa Can Bisa Ngaji

Syair Santri Salafi - Tentang Akhir Zaman

Lirik Syair Santri Rindu Santri Salafi Bahasa Sunda