Syair Santri Salafi - Ngaji Ngadon Ngopi

Untuk Vidionya Silahkan Klik Tulisan ini

Syair Santri Salafi "Ngaji Ngadon Ngopi"

Duh ema abdi hampura
Duh abah abdi hampura
Di kobongna lalawora
Ngaji nage tara-tara

Barudakmah ngararaji
Abdimah kalah nyeuduh kopi
Barudak budal ngaraji
Abdimah masih nguyup kopi

Tiap wengi tara sare
Gawena ngoprekan hape
Isuk-isuk batur rame
Abdimah karek sare

Satengah dua gugahna
Rehe amat alam dunia
Kamana budak kamana
Horeng di majelis kumpulna

Beres sholat beres mandi
Barudak bubar ngaraji
Carita ngaji nu tadi
Abdi molohok teu ngarti

Engke abdi teh kumaha
Pami kiyeu ti ayeuna
Naon tea kabisana
Isin jasa ka calon mitoha

Download Vidionya ⇛Disini⇚

Comments

Postingan Populer

Syair Santri Salafi - Nalangsa Can Bisa Ngaji

Syairan Santri Salafi - Sedih di Tinggal ku Umi

Syair Santri Salafi Putus Cinta