Syair Santri Salafi - Nisbat Cinta Dengan Elmu

Syair Santri Salafi
"Nisbat Cinta Dengan Elmu"
Eling ka para santriat
Kade omat tong kapikat
Ku santri nu jago alat
Bisi katipu muslihat
Santri alat mah golibna
Jago ngareka bahasa
Sabab eta karesepna
Termasuk ngareka cinta
Cinta mun saur nahwu na
Ulah barubah cinta na
Mun saur ahli sorof na
Ulah pipindah cinta na
Mun numutkeun ahli bayan
Cinta teh tong di tutupan
Ahli ma'ani Nafsiran
Cinta lain permainan
Mungguh ahli ilmu mantek
Cinta kudu pada daek
Lamun saur ahli bade'
Cinta ulah janji bae
Mun cek ahli tauhidna
Eta cinta satiana
Ari cek ahli fiqihna
Kudu tohir tina dusta
Numutkeun ahli hadisna
Milih cinta Tong gabahna
Kudu ningali dzuriyah
Bisi sanadna teh teu sah
Camkan wahai akang santri
Pilih awewe nu pasti
Ngagugu kana ukhrowi
Ninggalkeun kana duniawi
Mustaf'ilun Fa'ilun
Mustaf'ilun Fa'ilun
Download Vidionya ⇛Disini⇚
Comments
Post a Comment
Selamat datang di blog Syair Salafi.
terimakasih atas masukannya dan tolong bantuannya ya untuk suport blog ini.
terimakasih, salam admin#MR14