Syair Santri Salafi - Pepeling Uranng Sadaya

Syair Santri Salafi "Pepeling Uranng Sadaya"
Ku bismillah dikawitan
Ngadamel ieu syi'iran
Ngalap berkah ku jenengan
Allah anu ngarohmatan
Sholawat sareng salamna
Mugi dilimpahkeun nana
Ka kangjeng lan shohabatna
Rauh ka kulawargina
Waba'du, tah yeu nadzoman
Pepeling ka sepuh anom
Mugi-mugi sing kafaham
Ku ati sareng ku cangkem
Dengen-dengen jeung baraya
Nu di kampung nu di kota
Anu miskin anu kaya
Dangukeun ieu berita
Eling-eling ikhwan-ikhwan
Urang sing waspada pisan
Kana Perbawana zaman
Poma ulah rek nurutan
Sabab di zaman ayeuna
Loba jalama nu sasarna
hirupna sakama-kama
Nurutkeun hawa nafsuna
Akhlak nu banget gorengna
Dipake modal hirupna
Henteu dipikir akhirna
Asa ngenah ayeunana
Dirina di papesan
Ku akhlak nu goeng pisan
Nu matak timbul siksaan
Geus maotna kanyahoan
Ari boga harta banda
Suka mapanas tatangga
Rasa maneh aing kaya
Tah kitu teh lampah dosa
Sareng di anggo niatan
Warna-warna kalepatan
Anu matak ngajadikeun
Nambahan kana siksaan
Harta banda kakayaan
Di ajangkeun pi dosaan
Eta teh henteu nyalahan
Sanajan nu make sorban
Mangga ayeuna ningali
Di kota di kampung sami
Jalma-jalma teh nareuli
Alat-alat Al-malahi
Alat malahi teh nyaeta
Ayeunamah rupa-rupa
Di kota di kampung loba
Dinu miskin dinu kaya
Baheula ukur radio
Ayeuna aya vidio
Kolot budak sok narempo
Kana sik saan mah poho
Bangsa TV mah komo dei
Geus bangeut loba bukti
Sabab nu kitu kabeuli
Ku manusa tukang kuli
Sihorengmah eta tipuan
Ka manusa kadang syetan
Nolantip teu kanyahoan
Ka manusa nyilakakeun
Nu matak hei jalma-jalma
Urang teh sing ati-ati
Syetan tara katingali
Sok nyoncong ka jeuro ati
Hate teh sok nyaluyuan
Kana jalan pibahayaen
Sareungna sok di weugahan
Kana Jalan Pibagjaeun
Para ibu para bapak
Ayeunamah gening nyata
Sato teh lebih berharga
Dari pada tuang putra
Sabab ari tuang putra
Can balik geus liwat isya
Bapak teu gaduh curiga
Ka anak keur di perkosa
Tapi ari ka hayam mah
Teu kaop eweh teh susah
hate na sok banget riweh
Boa hayam teh ku careh
Hayam can balik geus asyar
Kana hate asa beuncar
Matak guyur salelembur
Sok nyarek batur sakasur
Hei sodara sakalian
Gera mangga tingalian
Jalma Zaman ieu pisan
Resepna teh Kuluyuran
Komo mun aya totonan
Sok dijieun kasempatan
Membuat hepi-hepian
Lelaki dan perempuan
Hei dulur-dulur sadaya
Kudu apik ngurus putra
Mun gagabah ngurus putra
Tangtuna timbul nalangsa
Sabab mun anak cilaka
Sepuh teh sok ka babawa
Nu matak hei bapak-bapak
Anak urang pelihara
Anak jangan dibiarkan
Anguranmah papagahan
Ku ilmu ka agamaan
Meh salamet teu nyalahan
un urang henteu tiasa
Mamatahan tuang putra
Pasrahkeun we ka ulama
Ahli sunnah nu utama
Dulur-dulur taringali
Ayeuna mah gening bukti
Lalaki awewe sami
Oratna henteu baruni
Comments
Post a Comment
Selamat datang di blog Syair Salafi.
terimakasih atas masukannya dan tolong bantuannya ya untuk suport blog ini.
terimakasih, salam admin#MR14