Syair Santri Salafi - Rumasa Teu Bisa Ngaji
Syair Santri Salafi "Rumasa Teu Bisa Ngaji"
Gening kie karasana
Can bisa ngaji sedihna
Teu akur sareng sangka'ana
Sangkana pinter ngaosna
Aduh umi aduh abi
Rasa ka duhung pi merih
Kaduhung sok lalawora
Lalawora di kobongna
Baturmah nalar imriti
Abdimah lumpat ninyuh kopi
Baturmah ngapal patul mu'in
Abdimah ngobrolkeun kawin
Parantos dongkap ka bumi
Bu haji sareng pak haji
Bade nikahkeun sim abdi
Sareng putrana pak haji
Ngalemna meni ageng pisan
Teu akur sareng kanyataan
Rasa bangga di manah na
Ngadangu pinter ngaosna
Mantuna teh ngawartosan
Rek ngadamel pamondokan
Sangkan abdi ngawurukan
Sangkan janten badangan
Teuras abdi ngawalerna
Sanes alim narimana
Tapi abdimah rumasa
Tacan gaduh panga bisa
Mondok teu cekap sakali
Komo lamun macam abdi
Masih sepi ti pangarti
Komo rek ngawuruk santri
Mantuna ngawalrer dei
Mangga di antos ku umi
Pami arek ngalih dei
Ka pondok nu sanes dei
Unggal poe unggal peting
Hate teh teu ngenah cicing
Kumaha cara nu hak na
Tanpa nga nyerikeun nana
Cinta teu bisa di paksa
Sanaos seer hartana
Harta teu ngajamin bagja
Pami teu ayana cinta
Download Vidionya ⇛Disini⇚
Comments
Post a Comment
Selamat datang di blog Syair Salafi.
terimakasih atas masukannya dan tolong bantuannya ya untuk suport blog ini.
terimakasih, salam admin#MR14