Syair Santri Salafi - Saling Balas Santriwati dan Santriin

Syair Santri Salafi
"Saling Balas Santriwati dan Santriin"
(Santriwati)
Aduh AA ulah modus
Tong rumasa rupa alus
Bisa sangenahna modus
Ka nyai nu entos tulus
(Santriin)
Sanes akang arek modus
Akangmah rupa teu alus
Tadina akang rek tulus
Da eneng loba ngabangus
(Santriwati)
Ngakuna akang arek satia
Sing horeng kalah ngadua
Nyai jadi menderita
Ningal akang jeung anjenna
(Santriin)
Akang teu ngomong bade satia
Tapi eneng nu baper ti hela
Soal eneng nu menderita
Mangga we mamam ku sia
(Santriwati)
Entong sok umbar janji
Lamun henteu di teupati
Da nyai ge boga hati
Bisa ngarasakeun nyeri
(Santriin)
Hampura akang tos jalir janji
Sanes alim di teupati
Tapi akang sibuk ngaji
Boro-boro mikiran nyai
(Santriwati)
Hatur nuhun akang santri
Anu kantos nganyenyeri
Akhirna nyai sadari
Cinta akang teu sejati
(Santriin)
Eneng tong sok mencacimaki
Lamun henteu aya bukti
Akang henteu niat nganyenyeri
Ka eneng dambaan hati
(Santriwati)
Nyai alim di modusan
Hoyong nage di maharan
Teu sawios ku ar-rahman
Asal akang seriusan
(Santriin)
Sanes alim ngamaharan
Komo dei ku ar-rahman
Akang teu gaduh padamelan
Sien eneng teu kaparaban
(Santriwati)
Ieu syair menang mikir
Bari ngopi dina cangkir
Sok sanajan bari nyengir
Mikiran keur ieu syair
(Santriin)
Ieu teh syair balesan
Kanggo eneng nu soso'an
Ngomong akang sok ngamodusan
Padahalmah akang seriusan
Comments
Post a Comment
Selamat datang di blog Syair Salafi.
terimakasih atas masukannya dan tolong bantuannya ya untuk suport blog ini.
terimakasih, salam admin#MR14