Syair Santri Salafi - Virus Corona

Untuk Vidionya Silahkan Klik Tulisan ini
Syair Santri Salafi "Virus Corona"

Jalma pakewuh ku wabah
Meh poho irodat ilah
Kuduna tawekal lillah
Sangkan dikucuran rohmah

Mustahil turun panyawat
Anging dibarengan obat
Gusti Allah mere syarat
Nyaeta sing daek tobat

Matak kudu daek mikir
Sing yakin tong owah gingsir
Sok lobakeun maca dzikir
Tangtu panyakit ge nyingkir

Ieu lain sindir sampir
Asli omat ulah kulir
Malaikat ge haladir
Nga aminan anu dzikir

Dawuh habib Abu Bakar
Sareng dawuh Habib Umar
Ratibul hadad sing lancar
Sangkan corona teu nyebar

Mangga amal keun sing keyeng
Tong nyalira, sae sareng
Insya Allah bakal pareng
Moal bingung moal puyeng

Aya jangar aya koleng
Pedah wiridna teu mayeng
Matak rutinkeun sing langgeng
Dzohir Bathin kudu manteng

Di nagara loba kafir
Buru-buru gera dzikir
Se'er muallaf dadakan
Sangkan henteu katepa'an

Ari nu loba muslimna
Dilarang berjama'ahna
Sahingga sholat jum'at na
Di imah di pigawena

Asa ku kabina-bina
Iman jalma morosotna
Ku virus rasa sieuna
Lewih ti ku pangerana

Hayu masjid malakmurkeun
Berjama'ah di tingkatkeun
Nu tara ge arajakan
Meh diraksa ku pangeran

Download Vidionya ⇛Disini⇚

Comments

Postingan Populer

Syair Santri Salafi - Nalangsa Can Bisa Ngaji

Syair Santri Salafi - Tentang Akhir Zaman

Lirik Syair Santri Rindu Santri Salafi Bahasa Sunda