Syair Santri Salafi - Aqo'idul Iman

Syair Santri Salafi "Aqo'idul Iman"

Ari aqo'idul iman
Lima puluh kayakinan
Kanyahokeun sing enynyaan
Mun ngaku jalma beriman

Nu dua puluh sifat na
Wajib aya di Allah na
Dua puluh nu muhal na
Nu jadi lalawanana

Sifat nu Ja'ijz na hiji
Jumlah opat puluh hiji
Hak Allah nu maha suci
Terasna di tambah dei

Opat nu wajib di Rosul
Opat nu muhal di rosul
Nu ja'ijz na hiji hungkul
Jumlah salapan nu nyusul

Jadi opat puluh hiji
Tambah salapan berarti
Jumlah lima puluh pasti 
Pek sebutan hiji-hiji

Wujud Qidam Baqo
Mukholafhatul Lil Hawadisi
Qiyamuhu Binafshihi 
Wahdaniat qodrot irodat

Ilmu Hayan Sama 
Bashor Kalam Qodiron Muridan
'Aliman Hayyan Sami'an
Bashoron Mutakaliman

Aya hebel langgeng
Beda jeung kabeh nu anyar
Jumeneng kalawan dzat na
Hiji Allah dina dzat na

Hiji na sifatna 
Hiji padamelanana
Kawasa kersa uninga 
Allah nu hirup na

Ngadangu ningali
Sasauran bukti kawasa
Bukti Allah kersa uninga
Allah nu hirup na 

Bukti nu ngadangu 
Nu ningali nu dadauh
Jadi sadayana 
Nu wajibna dua puluh

Adam Hudus Fana
Mumasalah Lil hawadist
Ihtiyadz Ta'adudz 
'Ajzu wa Karohah

Jahal Maot Somam
Umyun Bukmun Kaunuhu Ajizan
Karihan Jahilan Maitan 
Asom Amaa Abkam

Eweh anyar ruksak
Sarupa rejeng nu anyar
Butuh kana tempat 
Jeung butuh kanu nganyarkeun

Bingbilangan dzat na 
Sifat sareng damelna
Apes kapaksa 
Bodo maot torek lolongna

Pire bukti Allah 
Anu apes anu kapaksa
Anu bodo maot 
Torek lolong jeung pirena

Wenang di Allah na 
Midamel barang nu mungkin
Teu aya nu wajib 
midamel barang nu mungkin

Sidiq Amanah 
Tablig Fatonah
Kidib Khiatan 
Kitman Biladah

Bener ka percaya
Ngadugikeun rejeung pinter
Bohong cidre 
Jeung nyumputkeun Tur bodona

Wenang do Rosul na
Sifat manusia biasa
Kaya tuang leet 
Angkat kulem sajabana

Ari Nabi Urang tea
Nabi Muhammad nu mulya
Dubulisir di aminah
Ramana Sayyid Abdullah

Di lahirkeun nana kanjeung Nabi
(Di mekah)
Di utusna Kanjeung Nabi
(Di mekah)
Teras ngalih kanjeung Nabi
Ka Madinah Al-Munawaroh

Wafat kanjeung Nabi
(Di madinah)
Di pendemna Kanjeung Nabi
(Di madinah)
Dibuli Siti Aisyah
Setelah bumi toyibah


Comments

Postingan Populer

Syair Santri Salafi - Nalangsa Can Bisa Ngaji

Syair Santri Salafi - Tentang Akhir Zaman

Lirik Syair Santri Rindu Santri Salafi Bahasa Sunda