Syair Santri Salafi - Hirup di Dunia Ngan Saukur Ngumbara

Syair Santri Salafi
"Hirup di Dunia Ngan Saukur Ngumbara"
Dikawitan ku bismillah
Nadzom sunda mugia berkah
Munggaran urang palapah
Sholawat sugan ijabah
Ningang mangsa nu sampurna
Awakmah ngaragap taya
Mana dulur jeung baraya
Nu mangkukna taya beja
Gening bray mah banget suwung
Ngan ukur boeh asiwung
Tangtungan tuluy kaduhung
Teu ngalaksanakeun untung
Dauhna tara sulaya
Yen hirupmah sementara
Di dunya ngarasa bagja
Akherat sugan di siksa
Matak ulah ka jonjonan
Ulah ngawaro ka setan
Duniamah pangumbaraan
Nya pikeun cukang lantaran
Satungtung can menang puas
Manusa ngalabrak waas
Najan ges di awas-awas
Tapi geuning tara mawas
Hirup lengle jeung talangke
Akherat perkara engke
Naha mun geus jadi bangke
Kaduhung siksa nu gede
Matak dulur hayu dulur
Pek hirup sing alalakur
Lobakeun hideup tafakur
Jeung sing bisa hidup syukur
Sabab dina pangliwatan
Bakal ngajadi lantaran
Kabeu nu geus kaalaman
Jadi pananya pangeran
Lampah bener tangtu ngenah
Bagja dina alam barjah
Tapi lamun salah kaprah
Siksaan bakal ijabah
Mo nenyo jaman geus asing
Dunya nya tereh tiguling
Tisukrukna bakal pangling
Lantaran loba teu eling
Teu inget bakal rek maot
Doraka iman pek lesot
Teungora atawa kolot
Azroilmah tetep nyokot
Ulah sok sakaba-kaba
Kabawa ku rupa dunya
Nu nipu raga jeung mata
Nu mawa kana doraka
Ngagugu gaul jeung wadul
Ibadah carang nya kedul
Lepas nyawa lamun suul
Pek inget hidep sing punjul
Clak hirup hideup sing junun
Getol nyuhun ampun-ampun
Paralun jeung nuhun-nuhun
Kanu gaduh kun fayakun
Comments
Post a Comment
Selamat datang di blog Syair Salafi.
terimakasih atas masukannya dan tolong bantuannya ya untuk suport blog ini.
terimakasih, salam admin#MR14