Syair Santri Salafi - Kanyaah Umi Bapak

Syair Santri Salafi "Kanyaah Umi Bapak"

Yaa robibi nabiyyina
Irhamna abi wa umina
Wagfirlana wa abina
Wafuana wa umina

Umi tunggul na rahayu
Bapak tangkal na darijat
Umi nu wajib digugu
Bapak nu wajib dihurmat

9 bulan na kandung
Tapi umi hente pundung
Teu boga rasa kaduhung
Pasrah kanu maha agung

7 bulan umi ripuh
Gawe berat hente mampu
Tapi umi tetep kukuh
Dalam do'a nu tos patuh

Dugi ka ngalahirkeuna
Nalangsa kabina-bina
Bari taya papadana
Nyawa jadi taruhana

Kesang getih jeung ci mata
Kaluar henteu karasana
Tapi umi tetep bagja
Anak salamet kadunia

Orokna inghak - inghakan
Ditangkep jeung di ciuman
Bapak cerik rek ngaranan
Pinuh rasa kabungahan

2 tahun di susuan
Umi terus ririwehan
Kanyaahna teu ngirangan
Malah kadeudeuh nambihan

Dugika urang dewasa
Umi melangna kacida
Sien anakna cilaka
Teu toat kana agama


Comments

Postingan Populer

Syair Santri Salafi - Nalangsa Can Bisa Ngaji

Syair Santri Salafi - Tentang Akhir Zaman

Lirik Syair Santri Rindu Santri Salafi Bahasa Sunda