Syair Santri Salafi - Sanajan Dihina Tetep Mulya

Syair Santri Salafi 
"Sanajan Dihina Tetep Mulya"

Jalan-jalan ka Sukabumi
Nongkrong bari ngadon ngopi
Lamun hayang bisa ngaji
Kudu daek jadi santri

Najan tara kamana-mana
Urangmah loba baturna
Najan loba nu ngahina
Santrimah calon ulama

Hiji waktu meli pedang
Lain ajang ngajak perang
Najan daang rada kurang
Kiceup oge meni carang

Meli gula ka mang maman
Gulana menang ngantongan
Dunya asa nu sorangan
Najan udud na joinan

Pagawean ngangon doma
Bari teu make calana
Hayang benghar ngora-ngora
Bari pamajikan dua

Saminggu ukur sakali
Eta jadwal mimin mandi
Omat ulah kedul ngaji
Bisi ditampiling banci


Comments

Postingan Populer

Syair Santri Salafi - Nalangsa Can Bisa Ngaji

Syair Santri Salafi - Tentang Akhir Zaman

Lirik Syair Santri Rindu Santri Salafi Bahasa Sunda