Syair Santri Salafi - Sejarah Nabi Dari Lahir Sampai Wafat Lengkap Nadzom Sunda

Syair Santri Salafi 
"Sejarah Nabi Dari Lahir Sampai Wafat Lengkap Nadzom Sunda"

Nabi urang sarerea
Kangjeng Nabi anu mulya
Muhammad jenengan nana
Arab quraisy nya bangsana

Ramana Gusti Abdullah
Ibuna Siti Aminah
Dibabarkeun na di Mekkah
Wengi senen taun gajah

Robi'ul Awwal bulanna
Tanggal ka-12 na
April bulan Masehi na
Tanggal ka-20 na

Ari bilangan taunna
500 cariosna
70 panambihna
Sareng sahiji punjulna

Siti Aminah misaur
Waktos babarna kacatur
Ningal cahaya mani ngempur
Di Bumina hurung mancur

Parangina Kanjeung Nabi
Jatnika pinuh ku puji
Pinter tur gede kawani
Sabar, nyaah ka sasami

Keur opat tahun yuswana
Diberesihan manahna
Nabi dibeulah dadana
Malaikat nu meulahna

Jibril ka dua rencangna
Mika'il jeunengan nana
Ngeusikeun kana manahna
Elmu hikmah sapinuhna

Tuluy dada Kangjeung Nabi
Gancang dirapetkeun deui
Sarta teu ngaraos nyeuri
Di cap ku "KhotaminNabi"

Rama Nabi kacaturkeun
Pupusna kacarioskeun
Basa Nabi di bobotkeun
2 sasih ka unggelkeun

Ka genep tahun yuswana
Ditilar pupus ibuna
Nabi di rorop eangna
Adbul Mutholib asmana

Kersana Robbul 'Alamiin
Kangjeung Nabi nu prihatin
Yuswa 8 tahun yakin
Eangna mulih ka batin

Saba'da wafat eangna
Nabi dirawat pamanna
Abi Tholib kakasihna
Saderek tegeus ramana

Kangjeung Nabi sering pisan
Dicandak ka Nagara Syam
Sok nyandak barang dagangan
Didinya teh payeung pisan

Kacatur di eta Negri
Loba Pandita Yahudi
Sareung Pandita Nasroni
Nu tepang jeung Kangjeung Nabi

Sadayana sasauran
Ieu jalmi moal nyalahan
Pi-Nabieun Akhir Zaman
Toret inzil geus ngibeuran

Sifat Nabi panganggeusan
Aya di Anjeuna pisan
Harita loba nu iman
Ka Nabi ngangkeun panutan

Karesepna Kangjeung Nabi
Ka Gusti Allah babakti
Di Gunung Hiro miranti
Ibadahna saban wengi

Didinya jol kasumpingan
Jibril nu nurunkeun Qur'an
Kalawan dauh Pangeran
Nabi di damel utusan

Harita yuswana Nabi
40 tahun kawarti
Diutus ku Allah pasti
Nyembarkeun Agama suci

Anu iman pangheulana
Siti Khodijah garwana
Abu Bakar kaduana
Shohabat nu pang muliana

Murangkalih nu nonoman
Anu pangheulana iman
Sayidina Ali pisan
Ka Nabi saderek misan

Jeung ari jalma beulian
Anu pangheulana iman
Syaid Bilal kaleresan
Anu jadi tukang Adzan

Ari lolobana pisan
Ka Nabi teh ngamusuhan
Nganiyaya, ngajailan
Teu aya pisan ras-rasan

Nuju tanggal 7 likur
Bulan Rojab nu kacatur
Runut qaol nu kamasyhur
Kangjeung Nabi teh di saur

Dipapag ku Malaikat
Nyandak burok nu kasebat
Lempangna teh cara kilat
Tutunggangan Nabi angkat

Ti Mekkah ka Baitul Maqdis
Teu lami-lami antawis
Ku jalmi henteu katawis
Kersana Gusti nu wacis

Ti Baitul Maqdis teurasna
Naek tangga saterusna
Mi'roj tea kasebatna
Ka langit Nabi sumpingna

Tujuh langit sadayana
Sareung 'Arasy pang luhurna
Disumpingan sadayana
Katut Surga Narakana

Kangjeung Nabi di timbalan
Ku Gusti nu sifat Rohman
Anjeunna kudu netepan
Sholat muji ka Pangeran

Sadayana jalmi iman
Sami gaduh kawajiban
Sholat nu 5 giliran
Henteu meunang dikurangan

Sholat eta minangkana
Dina Agama tihangna
Jalmi nu luput Sholatna
Nyata rubuh Agamana

Kafir Mekkah kacaturkeun
Barang Nabi nyarioskeun
Mi'roj lain di mulyakeun
Anggur pada nyengseurikeun

Pada hasud ngakalakeun
Tidinya Allah ngeursakeun
Kanjeung Nabi dialihkeun
Ka Madinah disirnakeun

Para sohabat pirang-pirang
Nu bumela milu iang
Milu ngalih saabrulan
Henteu pisan sumoreang

Tambih kamulyaan Nabi
Di Madinah asal sepi
Jadi rame kunu ngaji
Muji Kanu Maha Suci

Sapuluh taun lamina
Di Madinah jumeneungna
Agama Islam cahayana
Gumeubyar kamana-mana

Ari mungguh Kangjeung Nabi
Nyaahna langkung ti misti
Ka Umatna jaler istri
Leuwih ti sepuh pribadi

Welas asih kanu miskin
Sumawon ka budak yatim
Pada sebeuh ku paparin
Kadaharan jeung pisalin

Akurna ka urang kampung
Calik satata ngariung
Tara angkuh jeung adigung
Sanajan ka urang gunung

Kanu nandang kasusahan
Geuring jeung ka papatenan
Ngalayad sarta ngubaran
Ngajajapkeun ka quburan

Manis saur, manis budi
Estu mustika ning jalmi
Sajagad moal mendak deui
Sae rupa jeung parangi

Raray lir bulan purnama
Halisna lir katumbiri
Waos lir inteun biduri
Salira harum wawangi

 Estu keursaning pangeran
Lain seungit dimeunyanan
Taringeut pada nandean
Di parake seuseungitan

Pirang-pirang mu'jizatna
Tawis ka-Nabian nana
Qur'an nu nomor hijina
Mu'jizat nu pang mulyana

Tangkal nu perang daunna
Disiram urut abdasna
Ngadadak loba buahna
Sarta hirup seterasna

Domba nu bangeut kuru na
Sarta lalepet susuna
Di usap ku pananganna
Ngadadak ju'uh susuna

Dina hiji waktos deui
Sahabat teh kirang cai
Teuras wae Kanjeung Nabi
Mundut cai anu kari

Cai ngan sakedik pisan
Estu kabeh pada heran
Nabi neuleumkeun panangan
Dumadep tuluy menceuran

Cai menceur loba pisan
Kaluar tina panangan
Sela-sela ramo pisan
Cukup keur jalma rea'an

Ya Allah nu Sifat Rohman
Abdi teh iman ka Tuhan
Teu aya deui Pangeran
Lain ti Allah nu Heman

Nu ngadameul bumi alam
Rauh jeung eusina pisan
Nu wajib di ibadahan
Taya anu nyasamian

Sareng abdi Iman deui
Ka Muhammad Kangjeung Nabi
Yen eta Utusan Gusti
Miwulang ka jalmi-jalmi

Nu sifat kapercanteunan
Wijaksana tur budiman
Bener wungkul sasauran
Lain saur ka heureuyan

Hurmat urang ka Anjeunna
Dina mangsa jumenengna
Sareng saba'da wafatna 
Estu teu aya benteunna

Duh Gusti Jungjunan Abdi
Sayid Muhammad Habibi
Pamugi salira nampi
Kanu hina diri Abdi

Abdi umat Akhir Zaman
Anu bangeut panasaran
Hoyong teupang ngadeuheusan
Seuja tumut seurah badan

Download Vidionya ⇛Disini⇚

Comments

Postingan Populer

Syair Santri Salafi - Nalangsa Can Bisa Ngaji

Syair Santri Salafi - Tentang Akhir Zaman

Lirik Syair Santri Rindu Santri Salafi Bahasa Sunda