Syair Santri Salafi - Nalangsa Can Bisa Ngaji
Untuk Vidionya Silahkan Klik Tulisan ini Syair Santri Salafi "Nalangsa Can Bisa Ngaji" Ku bismillah di kawitan Abdi ngarangkai syairan Syair tentang kahirupan Abdi nu di pamondokan Lamun hayang bisa ngaji Entong loba nonton tv Komo noong bujur meri Bisi di tampiling banci Duh gusti kudu kumaha Abdi ngaos engges lila Tapi angger hente bisa Era ku calon mitoha Unggal poe unggal waktu Hente bosen ngala elmu Sabab abdimah rumasa Lain turunan ulama Unggal bulan dikiriman Beas duit kadaharan Sakapeung mah osok era Can bisa mulang tarima Unggal subuh kabeurangan Ngaji ge kadang nunutan Sabab peuting kurang sare Mikiran hanca nu hese Kadang sare henteu tibra Kusabab loba tumila Nyongcongan kana salira Ripuhna meni kacida Lamun datang waktu ngaji Tara geuwat ka cai Meakeun hela ci kopi Kopi sesa nu kamari Mun di taros ku pun guru Ditaros bab sorof nahwu Puguh ge tara ngapalkeun Abdi tungkul...
Comments
Post a Comment
Selamat datang di blog Syair Salafi.
terimakasih atas masukannya dan tolong bantuannya ya untuk suport blog ini.
terimakasih, salam admin#MR14